Rabu, 10 Februari 2016

Pamendakan Lumampah Ngangon Hirup ku Hirup


Dipintonkeun ku : AR Jaga Mandala Jati


Saban-saban robah mangsa ganti wanci ilang bulan kurunyung taun, sok mineng kabandungan jelema, sanajan ngalamun salaput umur, kahayang patema-tema, karep heunteu reureuh-reureuh. da geuning nu bakal karasa mah anging kadar ti pangeran, manusa kadar rancana, kabul aya tinu Maha Agung, Laksana aya tinu Maha Kawasa. Ngan tumibana ka.jalma anu dikawasa ku dunya tur harta, biasana tara narima kabul teu nampa ku 
panarima. Da puguh hate jeung akalna geus kalipudan ku dunya.

Mingkin dieu satungkebing bumi tur kampung matuh tempat dumuk, mingkin jauh tina kasholehan

Selasa, 09 Februari 2016

PATAKONAN JATI NING MANUSA

Dicutat ku : Rakean Taopik Rahman

Ari salira timana?
Ti karesa

Arek kamana?
Arek ka pasar Alloh

Ari mulang kamana?
Ka kersaning Alloh

Naon nya tutunggangan?
Kuda dawung Raskati, rasa bulu napas


Naon rahabna?
Syahadat, Sholawat

Minggu, 07 Februari 2016

Nafakuran Diri Sajeroning Lumampah


Sifat sajatining manusa tos kapendak,

Gelar MAUNG pasti kacandak Linuhung manunggal sareng nu mutlak Allah anu Maha Kawasa.

Tapi kade keudah emut MANUNGGALna sanes Ngahiji dzat-Na Allah,
tapi Nyurup Asma sareng Sifatna Allah.

MAUNG mapay rawayan dunya kasurupan ku ASMA-na.

Mimitina Asma Allah RAHMAN RAHIIM
aya dina lapadz BISMILLAHIRRAHMAANIRRAHIIM. 

Sabtu, 06 Februari 2016

Nafakuran Silih Asih, Silih Asah, dan Silih Asuh


SILIH ASIH


Kahiji, silih asih mangrupakeun tali paranti hubungan jeung sasama anu di talian ku nilai-nilai Ageuman hirup AL-ISLAM, di tambih ku nilai-nilai kamanusaan. Silih Asih mangrupakeun Elmu Panemu Jampe Pamake anu dieusi ku dimensi kapangeranan jeung kamanusaan.

Dina tradisi masyarakat silih asih, manusia silih hormat, silih hargaan, ajrih ku elmu, teu adigung adiguna. Manusa dianggap sami teu aya anu kudu di agungkeun leuwih ti Allah. Sabab lamun kitu kaayaanna, manusa leuwih ti pangeranna eta jadi polah hirup syirik-sosial.

SILIH ASAH

Silih asah mangrupikeun Tali paranti masyarakat dina silih simbeuhan elmu panemu,

Jumat, 05 Februari 2016

Pamanggih Dina Sajeroning Lumampah


TETEKON NGAPING HIRUP KU HIRUP

Leuleus Usap, Heuras Peureup, Gawe Rancage.
Silih Asih, Silih Asuh, Silih Asah.
Ngagelar wawangi di Mandala hirup.
Gumulung di dangiang Jati.

Jadi Karya tina lalampahan Sir.
Sir Budi Cipta Rasa, Sir Rasa Papan Raga
Manunggal di Cipta Karsa Karahayuan
Nyurup dina Jatining Diri Sajati

Diri anu wujud tina Ma'rifat Asmana Dzat
Dzat Laesa anu Ngarep Dipikawanoh 
Ngawanohkeun Ku Kersa Nyiptana Makhluq
Tug Dugi Ka Antebna Ismu Dzat "ALLAH"
(AR Jaga Mandala Jati)


NU LANGGENG DI MANUSA: "POHO"

Saha nu inget yen urang dicipta tina nurulloh nu jd nur muhammadiyyah?...poho

Buhun Disuhun Syara Dibawa

Ditulis ku pangersa Rakean Taopik Rahman


Buhun teh Bahan, bahan cicipta urang, tina cahya nu opat, tina Nur Muhammadiyyah, tina Nurulloh, geura balik kanu eta (muutuu qobla an tamuutuu), papay ti hilir ka girangkeun.

Lain kabuhunan nu ngagugulung karuhun nu teu puguh alang ujur, nu teu nepi ka Alloh-na, Nu kitumah "buhun burung", atawa kabuhunan nu nyebut2 Alloh tapi lain nu hakeki, bari teu migawe syara, nu kitu "Buhun Sasar". (Mbah Koncleng).


Karuhun mah karuhan, payus dipihormat alatan jd cukang lantaran ayana urang sasak kiwari, tapi lain harti kudu dipigusti, malah tulunganeun jeung du'akeuneun urang. (Uyut SP).


Buhun nu kudu di suhun, tegesna buhun hakeki, bahan urang, pangbalikan kamana mulang (taubat). Ti kersaning Alloh, tina nurulloh, ku qudrotulloh.

Bubuka : Babad Hirup Ngaji Rasa


Dipintonkeun ku AR Jaga Mandala Jati.

Kaayaan sareng akal manusa nyiptakeun Rarasaan.
Pikeun anu Kasamaran, Rarasaan siga Rasa padahal lain.
Cumaritana akal dumasar pangdangu tur paningali, nangtukeun ayana Rarasaan.
Bagja-Susah, Geulis-Kasep, Pinter-Bodo lamun mimiti gelarna tina Akal,
Sadayana disebat RARASAAN.
Buktina, Lamun manusa nyebut jalma anu loba harta eta BAGJA padahal kanyataanna KASUSAH leuwih loba tumibana.
Cumaritana Akal anu nyipta RARASAAN nyurup kana Qalbu matri dina Ati.
Ati wening nampa ku panarima.
Mingkin wening ati manusa, RARASAAN mingkin leugit.


Saalit-saalit ledis mawa kana teu ayana. Qalbu jadi suwung, RARASAAN ilang tanpa karana.
Ku ati Wening manusa, Allah anu Maha Kawasa Nuzul kana Qalbuna.