Jumat, 05 Februari 2016

Bubuka : Babad Hirup Ngaji Rasa


Dipintonkeun ku AR Jaga Mandala Jati.

Kaayaan sareng akal manusa nyiptakeun Rarasaan.
Pikeun anu Kasamaran, Rarasaan siga Rasa padahal lain.
Cumaritana akal dumasar pangdangu tur paningali, nangtukeun ayana Rarasaan.
Bagja-Susah, Geulis-Kasep, Pinter-Bodo lamun mimiti gelarna tina Akal,
Sadayana disebat RARASAAN.
Buktina, Lamun manusa nyebut jalma anu loba harta eta BAGJA padahal kanyataanna KASUSAH leuwih loba tumibana.
Cumaritana Akal anu nyipta RARASAAN nyurup kana Qalbu matri dina Ati.
Ati wening nampa ku panarima.
Mingkin wening ati manusa, RARASAAN mingkin leugit.


Saalit-saalit ledis mawa kana teu ayana. Qalbu jadi suwung, RARASAAN ilang tanpa karana.
Ku ati Wening manusa, Allah anu Maha Kawasa Nuzul kana Qalbuna.

Ngersa anu di Cipta, RASA sajatining RASA anu teu kagunasika.
Ayana dina SIR di jeroeun LUB, LUB di jeroeun FU-AD.
Ngersa Qalbu ku Kersa-NA, Qalbu Suwung di eusi ku RASA sajatining RASA, Nur Muhammad.
Syirik - Takabur pastina Kabur, Iri - Dengki janten leungit, Hasud - Jail - Kaniaya pasti lumpatna, Amarah - Iblis - Syetan jeung Tentarana tan wande jadi Perlaya.


QOLBU KASIPUH KU CAHYA...ATI CAANG NARAWANGAN...NGAGURUH EUSINING QALBU...DZIKIR KHOFI ANU NGEUSI...NGEUSINA KU MATAHOLANGNA GUSTI...ISMU-DZAT "ALLAHU... ALLAHU... ALLAHU".

Urang Sumujud ka Gusti,
sabab sadayana jalmi dicipta ku Gusti Hyang widi.
Pami jalma teu rumasa pasti di bendon ku Gusti.

Lamun gaduh harta banda, keudah di anggo babakti,
ulah di anggo maksiat bilih dilaknat ku Gusti, Allah Robbul 'izzati.
Anu kitu tinangtu hirupna mukti.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar