Jumat, 05 Februari 2016

Pamanggih Dina Sajeroning Lumampah


TETEKON NGAPING HIRUP KU HIRUP

Leuleus Usap, Heuras Peureup, Gawe Rancage.
Silih Asih, Silih Asuh, Silih Asah.
Ngagelar wawangi di Mandala hirup.
Gumulung di dangiang Jati.

Jadi Karya tina lalampahan Sir.
Sir Budi Cipta Rasa, Sir Rasa Papan Raga
Manunggal di Cipta Karsa Karahayuan
Nyurup dina Jatining Diri Sajati

Diri anu wujud tina Ma'rifat Asmana Dzat
Dzat Laesa anu Ngarep Dipikawanoh 
Ngawanohkeun Ku Kersa Nyiptana Makhluq
Tug Dugi Ka Antebna Ismu Dzat "ALLAH"
(AR Jaga Mandala Jati)


NU LANGGENG DI MANUSA: "POHO"

Saha nu inget yen urang dicipta tina nurulloh nu jd nur muhammadiyyah?...poho

Saha nu inget yeun urang pernah jd Rama Adam jd Ibu Hawa nu (asalna) cicing di sawarga?...poho
Saha nu inget yen urang pernah ngancik di alam Ruh basa harita nyakseni: "Balaa Syahidnaa" ngawaler patakonan Gusti Alloh: "Alastu birobbikum..?"...poho
Saha nu inget yen urang pernah cicing na rahim indung urang?...poho
Saha nu inget harita basa urang ngagemol disusuan ku indung?...poho
Saha nu inget harita mangsa keur budak urang teh pernah bageur pernah badeur?..poho
Saha nu inget geuning urang geus ganti deui kulit jd Anak Incu urang nu hartina leuwih kolot batan urang?...poho
Geuning Karuhun urang teh Rama Adam Ibu Hawa
Horeng buhun urang teh Nur Muhammad tina NurullohLain ku inget, da angger poho, anging ku KAYAKINAN jeung RASA RUHANI (Rakean Taopik Rahman)

MANUNGGALNA ABDULLAH WA KHILAFATULLAH 

Hak Alloh, Hak Muhammad, Hak Adam manunggal di Aing-na
'Abdan wa Kholiifatan manunggal dina tasmiyyatulloh taukilan jeung hauqolah
Sir Budi Cipta Rasa manunggal dina Karya jeung Karsa nu teu diaku (Rakean Taopik Rahman)

1 komentar:

  1. Ampuuun gustii ning urang teh pohoan ka bebenjoken ku kabodoan

    BalasHapus