Rabu, 10 Februari 2016

Pamendakan Lumampah Ngangon Hirup ku Hirup


Dipintonkeun ku : AR Jaga Mandala Jati


Saban-saban robah mangsa ganti wanci ilang bulan kurunyung taun, sok mineng kabandungan jelema, sanajan ngalamun salaput umur, kahayang patema-tema, karep heunteu reureuh-reureuh. da geuning nu bakal karasa mah anging kadar ti pangeran, manusa kadar rancana, kabul aya tinu Maha Agung, Laksana aya tinu Maha Kawasa. Ngan tumibana ka.jalma anu dikawasa ku dunya tur harta, biasana tara narima kabul teu nampa ku 
panarima. Da puguh hate jeung akalna geus kalipudan ku dunya.

Mingkin dieu satungkebing bumi tur kampung matuh tempat dumuk, mingkin jauh tina kasholehan hirup. Antukna teu bisa ngandelkeun hirup ka anu lian, tapi ngangon hirup kudu ku hirup, mun teu kitu nu hirup bakal paeh sanajan ragana hirup tapi sir rasa na paeh. Paur we jadi jalangkung...

Geus Wanci Maluruh diri, umur di dunya mah sakilat. Maluruh panto pangbalikan, naon usahana, dimana sareng saha kudu napak dina Rawayan anu Muru Panto Pangbalikan anu Waluya. Panto anu mawa ka 'Iliyyin sanes ka Sijjin.
Buka awak, peredih diri, Ajrih kana diri, Sampurnakeun ku Panarima.
Rasa-Rasa, Rasa Cipta, Rasa Karsa gumulung dina Sajatining Rasa Abdullah wa Khalifatullah.

Guneng Catur Dina Kalbu, Rame Ngobrol Dina Sajeroning Dada, Hoyong Nyumiratkeun Nur Muhammadiyah Tina Siirul Asrorna Diri. Gejrut panghalang Newo-Newo anu nyumber tina Akal jeung Kaayaan. Dosa Baheula jadi Bebegig ngahalangan Lumampahna Rasa Sajati anu keur Muru ka Ngaing-Na. Duh, Allah anu Maha Kersa. Geuning Ripuh jeung Masyakat Hoyong Makrifat teh ? Ari Henteu dipilampah, Inggis Engke dina waktuna Mulang Lain Asup Ka Panto Pangbalikan anu Mawa Ka 'Illiyiin Tapi Asup ka Sijjiin. Duh, Rugi Kacida Jeung Isin Karasa Madep dina Kaayaan kitu. Na'udzubillah...

Tidak ada komentar:

Posting Komentar