Selasa, 09 Februari 2016

PATAKONAN JATI NING MANUSA

Dicutat ku : Rakean Taopik Rahman

Ari salira timana?
Ti karesa

Arek kamana?
Arek ka pasar Alloh

Ari mulang kamana?
Ka kersaning Alloh

Naon nya tutunggangan?
Kuda dawung Raskati, rasa bulu napas


Naon rahabna?
Syahadat, Sholawat

Naon kadalina?
Iman Tohid Marifat Islam

Naon Ambeuna?
Rukun agama Islam

Naon Sakawedina?
Panarima

Naon cambukna?
Eling ka jisim, heman ka Badan

Ari Jisim jeung saha?
Jeung karesa

Saha nya Ibu?
Tunggaling Iman

Saha nya rama?
Ki Pangawasa

Saha nya ngaran?
Pancerning Iman

Ari Salira Islam lawas, Islam Anyar?
Lain Islam Lawas, lain Islam anyar, tp Islam ti Qudrotulloh, Anut pangkon Kanjeng Gusti Sinuhun

Ti mana Zaman?
Ti Qudrotulloh

Ti mana Asal?
Ti Nurulloh

Naon bawana?
Raos

Ka mana jalan?
Ngabedah Lawang Sahadat

Saha nya ngaran?
Rasa

Ti Mana Zaman?
Ti banyu Mukmin, Qudrotulloh, ing talaga kalkautsar, palataran ti swarga nagara bumi Sampurna

Ka saha nya ngaratukeun?
Ka Ratu Adil Dana Rasa Panembahan Madu Rasa

Ka Saha nya mangeran?
Ka Pangeran Dzohir (Hua-dzoohiru), Ka Pangeran Bathin (wa-l bhaatthinu), Pangeran Dunya Akherat, (Hua-al Awwalu wa-l Aakhiru)

Ari salira Usik ku naon?
Usik ku Nabi, usik ku Wali, Dzat Muhammad.

Ka mana nya sujud?
Ka nu Agung pangatur tangtu, nu tunggal lan manunggal, katunggalan Agama Kanjeng Nabi Muhmmad

Ku maha nya ngaran?
Syahadat inten-inten ing Manusa, lulungguhna di Pulo Napas, nu hurip teu keuna ku pati, nu langgeng salawasna

Di mana nya lungguh?
Di heuleut beurang, heuleut peuting, Alam padang poe panjang, nagara tunjung sampurna, keur nitih di gedong samar, kurungan Kai Muhamnad, nu langgeng teu keuna ku owah, tetep langgeng jeung karesa anu tunggal jeung Salira

Sabaraha rambut salira?
Tili ratus tilu puluh tilu rebu tilu ratus tilu puluh tilu, tunggal jeung karesa

Sabaraha waos Salira?
Tilu puluh tilu, tunggal jeug karesa

Cing kumaha nyatana dina Allohu Akbar?
Al Insanu sirriy, Wa Ana sirruhu, tegesna manusa eta rasa Isun nyatana Hu, sariring Syahadat: AL WUJUUDU BI WUJUUDIHI; Aing jeung Sia.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar