Jumat, 05 Februari 2016

Buhun Disuhun Syara Dibawa

Ditulis ku pangersa Rakean Taopik Rahman


Buhun teh Bahan, bahan cicipta urang, tina cahya nu opat, tina Nur Muhammadiyyah, tina Nurulloh, geura balik kanu eta (muutuu qobla an tamuutuu), papay ti hilir ka girangkeun.

Lain kabuhunan nu ngagugulung karuhun nu teu puguh alang ujur, nu teu nepi ka Alloh-na, Nu kitumah "buhun burung", atawa kabuhunan nu nyebut2 Alloh tapi lain nu hakeki, bari teu migawe syara, nu kitu "Buhun Sasar". (Mbah Koncleng).


Karuhun mah karuhan, payus dipihormat alatan jd cukang lantaran ayana urang sasak kiwari, tapi lain harti kudu dipigusti, malah tulunganeun jeung du'akeuneun urang. (Uyut SP).


Buhun nu kudu di suhun, tegesna buhun hakeki, bahan urang, pangbalikan kamana mulang (taubat). Ti kersaning Alloh, tina nurulloh, ku qudrotulloh.


Nu nyebut Alloh nu disebut, nu mapagkeun dipapagkeun, wamaa sholaeta idz sholaeta walaakinna-llooha shollaa. (Buya Syakroni)

Ulah neangan cai bari kokojayan, neneangan seuneu, bari mamawa obor. (Pih Memed Cakra Gumelar)

Pek eta Pok geura Prak-prakkeun! geura tepikeun sangkan ma'rifatul hakeki, lain ma'rifat 'ani-l ilmi-l ma'rifah. (RAS Cakra Pamungkas)

Tunampi panggeuing, pangeling, pangaping pangjaringna ti guru2 sadaya (RE Cakra Galura)

2 komentar:

  1. Nuhun katampi supados janten bahan renungan

    BalasHapus
  2. Lucky Star Casino, Las Vegas - Mapyro
    Find 제주 출장안마 the best 영천 출장샵 and 경산 출장마사지 newest Lucky Star 보령 출장안마 Casino, Las Vegas. 4/5, 2021. Address. 12406 S. Las Vegas Blvd. Las Vegas, NV 89109. Phone. (702) 순천 출장마사지 770-8270.

    BalasHapus